Halaman

Minggu, 19 Juni 2011

Detergen Kanggo Ucing

“Meser Rinso mang, dua…” Budak umur opat taunan ngarana Oon ka tukang warung.

“Rinso keur naon ujang, mani sadua-dua?” Tukang warung tumanya.

“Kanggo ngamandian ucing mang…” jawab si Oon.

“Baruk?! montong jang, tong ngamandian ucing ku Rinso! Paeh geura ucingna.” tukang warung mepelingan bari teu burung ngasongkeun Rinso ka eta budak.

Dua poe tiharita si Oon ka warung deui.

“Kumaha jang ucing teh?” tanya si tukang warung.

“Paeh mang…!” cek si Oon semu ngalengis.

“Tuh ceuk emang oge, ucing mah montong dimandian ku Rinso, pasti paeh.”

“Ah…tapi da jigana mah sanes alasan Rinso paehna teh mang, mesin cucina muihna tarik teuing mang…”


http://onnayokheng.wordpress.com/2010/09/01/detergen-kanggo-ucing/

0 komentar:

Koment Nganggo Pesbuk